Selasa, 06 November 2018

anak smpn1 subang part 2

jadi kitu tah para saderek. urang teraskeun nya dongeng na.
saatos abdi ngalih ka gang nu caket rs ptp tea. teras we pun biang teh ngalih deui ka bandung .  tah abdi teh lebet sd sdn suryalaya. kelas hiji dugi ka kelas dua lah. tah teu lami abdi ngiring pun bapa ka subang sumur barang . nya lebet ka sd harumanis hela. teras ngalih deui ka pangalengan abdi ngiring. ngalih deui ka subang lebet ka sd salep. teras kabandung deui dugi ka kelas 6 . tah smp ngalih deui ka subang. tah iyeu waktos abdi mimiti lebet smpn1 . emut keneh lah kana tugas ospek mimiti anu korek api cap durian tapi kudu opat gambar durian na teh. terus naon lah macem macem.
tah dina nincak mimiti lebet. pun bapa ngalih damel ka wangun reja . daerah nateh nu jalan ageung bade ka kali jati pasti ngalangkungan wangun reja. da caket lah ker jaman harita mah. aya angkot ongkoh ngalangkung ka payuneun bumi. bumi dines bapa abdi teh sabelahan sareng pabrik leum karet. pami nuju ngangkring payun pabrik teh meni sengit ngahiliwir bau leum karet. di ptp teh aya oge nu anak na sakola di smpn 1 . pami teu lepat mah indah tah eta putrana saha teh hilap pokona rama na teh setap(staff) di ptp13 wangunreja. adik kelas tapi da kenal we.bade bogoh kapihelaan ku raka abdi om leo playboy cap kampak tea pemain drum nu tertunda. abdi oge gaduh wargi nu linggih na bareng sabumi di wangunrja , namina runasih. tos di anggap rai lah ku kulawarga abdi teh. tapi abdi teh mumusuhan wae ka si erun teh. sok asa dosa mun emut ka jaman harita. runasih oge sakola sami di smp 1 jadi kami bareng kuduna. tapi kubakat abdi jelema lier. embung we bareng indit teh . hayang na teh misah wae. nepikeun geus dipaksa kudu naek mobil bareng ge angger milih angkot. ngarah teu bareng. nya dasar atuh budak letik. eh remaja maksudna.
harita teh keur usum lavender pomade nu jiga stemplet diesel tea gening , jabaning sengit nyegak bau lavender na ka angseu jarak 1 kilometer mah. mantaaaf. harga na 10 rebu untuk masa pakai tiga bulan. tapi beak sabulan. karena pemakaian nu berlebihan, nepi ka leucir buuk teh jiga di bungkus keresek lah. tapi itu adalah mode yang lagi inn jaman harita. potongan rambutna , potongan rambut duran duran ,grup band inggris nu teu apal hiji hiji acan laguna. nupenting guyub we jeung umum. jambul harepna. sisina cepak. dikuncir we saetik. mun kapanggih kucirna di tektek ku guru tah. hahahaha.
saat itu aku tidak terlalu serius belajar sebab memang hidup di smp 1 itu memyenangkan. bayangkeun we eta mun balik sakola pan tinggal mapah sakedik tos aya di terminal. urang tiasa nangkring hela. atawa balanja buku buku komik . pokona mah smpn1 mah strategis we.jaba aya bioskop deuih. aya poe dimana nongton teh harga na murah . nami acara na teh"student show". uh bioskop chandra teh rame wae atuh ku budak smp. batur mah aya nu geus hideng bari bobogohan. ari saya mah da pehul tea. nya ngan ukur resep we pipilueun.
di sakola abdi teh ngiringan extra kulikuler dua. hiji pertanian. hiji deui seni rupa. pertanian mah pa saha teh nu kumisan teh. pami kesenian mah pa edi sudrajat pami teu lepat. abdi kantos di carekan tah ku guru pertanian, jaba kumisna baplang, wajah na serem, gara gara mesek kulit tangkal coklat di pengkeren laboratorium di pemgker caket lapang basket tah.ny ayena mah bangunan nage geus robah ah.   jaman pada waktu ituh. kami smpn1 subang punya danau di tukang sakola deket mushola. mantep jang. aya tukang dagang es sirop di pulau danau eta teh. ngarana teh si jack kitu pami te lepat eta ge. tempat abdi nangkring pas istirahat.
sakitu heula nya. abdi keur ngangkutan cai yeuh, ledeng na error. ke urang teraskeun nya. asalamualaikum.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar