Tampilkan postingan dengan label smpn1 subang 1987-1989. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label smpn1 subang 1987-1989. Tampilkan semua postingan

Kamis, 01 November 2018

anak smpn 1 subang

subang teh asa deket, asa jauh. asa deket da kari naek mobil ti ledeng ka subang sakali ngan sajam. asa jauh da tara balik ka subang deui atuh. maklum tos parindah sadayana. raka rai sadayana tos teu aya nu di subang. ngan hiji we nu matak abdi kudu balik ka subang teh, nya eta makam pun bapa, sareng pun lanceuk teh disubang di makam wesel . jadi nya angger we sataun sakali mah kudu ka subang.
subang teh kota yang indah, kota yang punya seribu kenangan. ceuk abdi soteh eta ge. saleresna abdi teh borojol na di rumah sakit bandung, yuswa kinten kinten tk lah, pun biang sareng pun bapa ngalih ka subang. ngontrak. bumi na di gang  payuneun rumah sakit ptp, caket tugu jam. tah eta ngawitan abdi janten urang subang. da sa teuacana mah pan kasubang teh ngan ukur ngalongok aki.
  salami abdi bulak balik ka subang. can pernah sakali kali acan abdi ngalongok bumi kontrakan eta deui. kahiji pasti tos robih tah kontrakan na. kadua na bisi di sangka begal rurang rorong ka imah batur.tapi insyaALLAH  sakali kali mah bade ah jalan jalan lebet ka gang eta, naoonn atuh nya namina teh lah ...poho deui.. ah. pami sonten sonten teh tos ibak tos emam, ameng ka tatanggi payun. payun jalan ageun pas belokan gang. bageur pisan tah tatangga teh. tapi teu inget ameng jeung saha ka saha namah.
   oh inget tah ketang. pami nu payuneun bumi teh namina wiswin sareng tami. pami nu payuneun gang, bu otih namina. eta hungkul nu abdi emut teh. nya mudah mudahan di panjang keun umur bade ameng ka gang eta ah iraha iraha.
sakitu heula nya ngkin urang lajeungkeun dongeng na. nu abdi sd, nu abdi smp . salajengna. asalamualikumwarohmatullah wa barokatuh.